Skip to content Skip to sidebar Skip to footer

Soal Jawaban PTS Bahasa Sunda Kelas 6 Semester 2 Kurikulum 2013

 

Assalamu'alaikum.Wr.Wb.
Semoga kita semua dalam lindungan Allah SWT. Amin. Mohon ijin berbagi informasi:
  1. Untuk melihat Bacaan Al-Qur'an KLIK... TULISAN BIRU INI.
  2. Untuk melihat Kegiatan Relegius KLIK... TULISAN BIRU INI.
  3. Untuk melihat Lagu Lagu Nasioanal KLIK... TULISAN BIRU INI.
  4. Untuk melihat Informasi KLIK... TULISAN BIRU INI.
  5. Untuk melihat Tutorial E Kinerja KLIK... TULISAN BIRU INI.
  6. Untuk melihat Tutorial Pendidikan / MySAPK KLIK... TULISAN BIRU INI.
  7. Untuk melihat Tutorial Umum KLIK... TULISAN BIRU INI.
  8. Untuk melihat Pembelajaran Kelas VI KLIK... TULISAN BIRU INI.
  9. Untuk melihat Kegiatan Siswa Kelas VI KLIK... TULISAN BIRU INI.
  10. Untuk melihat Kegiatan Siswa Kelas V KLIK... TULISAN BIRU INI.
  11. Untuk melihat Taman Bermain KLIK... TULISAN BIRU INI.
  12. Untuk melihat Buku Siswa K13 Kelas VI SD/MI Silahkan KLIK... TULISAN BIRU INI.
  13. Untuk melihat Buku Guru K13 Kelas VI SD/MI Silahkan KLIK... TULISAN BIRU INI.
  14. Soal Jawaban PTS Kelas VI Semester 2 Mulok Bahasa Sunda Kurikulum 2013
Sebelum mengerjakan Soal Penilaian Tengah Semester (PTS) Mulok Bahasa Sunda Kelas VI Semester 2, laksanakan terlebih dahulu kegiatan dibawah ini!
Ber Do'a

Menyanyikan Lagu Wajib Indonesia Raya.

Selamat Mengerjakan PTS Mulok Bahasa Sunda Kelas VI Semester 2

Nama Sekolah : SDN ............................
Muatan Lokal  : Bahasa Sunda
Kelas/Semester : VI (enam)/2 (dua)
Hari/Tanggal : ............................
Waktu                  : 90 menit
Nama                  : ............................

I.    Parentah Umum
  1. Tuliskeun idéntitas anjeun dina lembar jawaban anu geus disadiakeun.
  2. Pariksa sareng baca patarosan sateuacan anjeun ngajawabna. 
  3. Jawab patarosan anu anjeun pikir gampang.
  4. Laporkeun ka pengawas upami aya anu teu jelas.
  5. Taroskeun kertas ka pengawas upami diperyogikeun.
  6. Pariksa heula saméméh diserahkeun ka pengawas.

II .     Jawab pananya di handap!

Pikeun soal 1 nepi ka 5, baca téks di handap kalawan taliti!

Hapé


        Handphone (hapé) téh barang anyar produk perusahaan elektronik ti luar negri, gunana minangka alat komunikasi. Mimiti diwanohkeun di Indonesia dina taun 1996. Wangunna kotak leutik, babari dikeupeul, sarta hampang.
        Hapé produk taun 2000-an, nu tadina ukuranana leutik téh ngised kana ukuran menengah. Satutas taun 2000-an wangunna ngalaman inovasi anyar robah deui, ukuranana jadi gedé.
        Sanggeus ngawasa pasar hapé sababaraha lilana di sababaraha tempat, pausahaan ti Finlandia téh ahirna mah asup kana Hapé aksés internét, maké papan ketik modél komputer. Ngaliwatan Black Berry ti mimiti taun 2008. Carita méh sarua jeung komputer sabak atawa tablét. Sanggeus aya Ipad génerasi awal anu ukuran layar + 10 inci taun 2010. Torojol deui ukuran leutik + 5 inci. Nu ieu gé teu lila umurna, da cenah ukuran tablét kurang praktis, jeung deuih teu kuat fitur telefonna. Ti dinya, disusul ku generasi anyar phablét (phoné tablét) ti mimiti taun 2012.
        Ti kelompok komputer jingjing atawa laptop, ukuran munggaran mah gedé, boh ukuran layar, boh ukuran papan ketikna. Rék nyaruaan komputer persona(désktop). Dina taun 2006 torojol deui modél anyar ti perusahaan mérek sején nyaéta Apple Mac-Book. Nu ieu leuwih alus jeung praktis.
       Urang nu mikabutuh, teu weléh kagoda ku modél nu anyar, nu leuwih canggih.
(Diropéa tina Tak Pernah Puas “Gadget Kita!”,
Pikiran Rakyat, 31 Oktober 2013)

Jawab sakur pertanyaan ieu di handap!
  1. Nyaritakeun naon bacaan “Hapé” téh?
  2. Kumaha cara ngagunakeun Hapé sangkan leuwih mangpaat?
  3. Hapé nu dikaluarkeun ku pabrik téh téréh gunti-gantina modél jeung wangunna. Naha kajadianana kitu?
  4. Kumaha koméntar hidep kana kamekaran produksi hapé ti taun ka taun nu terus robah-robah?
  5. Kumaha pamanggih hidep kana kamajuan teknologi komunikasi elektronik di Indonésia?

III .    Cakraan (X) abjad A, B, C atawa D dihareupeun jawaban anu bener !

1.       Baca taliti téks di handap!.
Baréto pasawahan di Karawang téh lega upluk-aplak. Paré anu dihasilkeun ti dinya bisa nyumponan pangabutuh di Jawa Barat. Karawang meunang jujuluk gudang paré. Ari kiwari di dinya jlug-jleg pabrik anu ngalantarankeun lahan pasawahan kacontang. Antukna produksi béas di Karawang nyirorot. Pikeun nyumponan pangabutuh masarakat, kapaksa ngimpor ti luar negri. Karawang anu tadina gudang béas anu jadi andelan Indonesia ayeuna mah kudu ngadatangkeun béas ti luar.
Pangwangunan naon baé nu aya di daérah Karawang téh?
A. Pabrik.
B. Jalan.
C. Tempat wisata
D. Gudang pare
 
2.       Kecap "global" kecap atawa istilah nu asalna tina pangaruh globalisasi anu hartosna...
A. Dunya.
B. Badag.
C. Rubak
D. Sadunya

3.        Anu lain alat komunikasi, nyaéta...
A. Phablét.
B. Motor.
C. Hapé.
D. Ipad

4.       Tengetan kecap dina kalimah ieu!
Aya mangsana sorangan meunang panglandi si Raja Donlod.
Kecap panglandi, diwangun ku rarangkén...
A. panglan
B. landi
C. di
D. pang 

5.       Komunikasi tinulis ngaliwatan HP katelahna...
A. SMS               
B. SKS                       
C. CMS                       
D. DBS

6.       Budak kelas genep maraké sapatu hideung. Kecap maraké ngandung harti...
A. Loba               
B. bakal                                   
C. ngahudang rasa       
D. sok sanajan

7.       Kecap asal tina kecap nyarongclo nyaéta ….
A. Nyongclo        
B. Nyangclo                 
C. Angclo                     
D. Nyaronclo

8.       Tong nitahan batur atuh, cokot ku sorangan baé buku téh. Maksud sorangan, nya éta ...
A. Euweuh babaturan.
B. Dirina sacara pribadi.
C. Ngan nyalira.
D. Nyalira.

9.       Anu lain kadaharan has Sunda, nyaéta...
A. Sangu tutug oncom.
B. Pencok kacang panjang.
C. Piritan lauk.
D. Gudeg.

10.     Lengkepan kalimah ieu " Di réstoran Sunda mah, sok disadiakeun sambel jeung..."
A. Bonteng.
B. Terong.
C. Lalab.
D. Lobak.

11.     Kecap “ahlak” téh kecap nu asalna tina basa ...
A. Arab.
B. Amerika.
C. Indonesia.
D. India.

12.     Dina carita, narasi, kapanggih basana sok aya nu maké babasan, “gaya basa” ngupamakéun. Kecap anu teu dipaké nyaéta ...
A. Kawas
B. Jiga
C. Saperti
D. Sarua

13.     Katingal ti kajauhan, cai Curug Limbung téh .... salindang warna pérak nyampay dina héjo dangdaunan. Lengkepan kalimah ieu ku kecap...
A. Kawas
B. Jiga
C. Saperti
D. siga

14.     Nu ngagambarkeun kaayaan, disebutna ...
A. Narasi
B. Deskripsi
C. Carpos
D. Eksposisi

15.     Kecap-kecap anu henteu asalna tina basa Arab nyaéta...
A. Hayat
B. Hilap
C. Jumlah
D. Permaisuri

IV. Jawab pananya di handap!

  1. Naon harti wirausaha dina kahirupan sapopoé?
  2. Tengetan kalimah “Pikeun ngahadirkeun kaayaan aslina, rohangan diréka-réka.” Kecap ngahadirkeun, asalna tina kecap... 
  3. Dina pangajaran sastra mah nu kagolong narasi di antarana...
  4. Dina naskah titinggal abad ka-16, Siksa Kandang Karesian, disebutkeun sababaraha corak batik, di antarana... 
  5. Tengetan kalimah "Bapa Presiden jadi papayung nagara". Kecap papayung hartosna...

Post a Comment for "Soal Jawaban PTS Bahasa Sunda Kelas 6 Semester 2 Kurikulum 2013"