Skip to content Skip to sidebar Skip to footer

Soal PTS Kelas 5 Semester 2 Mulok Bahasa Sunda Kurikulum 2013


Assalamu'alaikum.Wr.Wb.
Semoga kita semua dalam lindungan Allah SWT. Amin. Mohon ijin berbagi informasi:
  1. Untuk melihat Bacaan Al-Qur'an KLIK... TULISAN BIRU INI.
  2. Untuk melihat Kegiatan Relegius KLIK... TULISAN BIRU INI.
  3. Untuk melihat Lagu Lagu Nasioanal KLIK... TULISAN BIRU INI.
  4. Untuk melihat Informasi KLIK... TULISAN BIRU INI.
  5. Untuk melihat Tutorial E Kinerja KLIK... TULISAN BIRU INI.
  6. Untuk melihat Tutorial Pendidikan / MySAPK KLIK... TULISAN BIRU INI.
  7. Untuk melihat Tutorial Umum KLIK... TULISAN BIRU INI.
  8. Untuk melihat Pembelajaran Kelas VI KLIK... TULISAN BIRU INI.
  9. Untuk melihat Kegiatan Siswa Kelas VI KLIK... TULISAN BIRU INI.
  10. Untuk melihat Kegiatan Siswa Kelas V KLIK... TULISAN BIRU INI.
  11. Untuk melihat Taman Bermain KLIK... TULISAN BIRU INI.
  12. Untuk melihat Buku Siswa K13 Kelas V SD/MI Silahkan KLIK... TULISAN BIRU INI.
  13. Untuk melihat Buku Guru K13 Kelas V SD/MI Silahkan KLIK... TULISAN BIRU INI.
  14. Soal PTS Kelas 5 Semester 2 Mulok Bahasa Sunda Kurikulum 2013

Sebelum mengerjakan Soal Penilaian Tengah Semester (PTS) Mulok Bahasa Sunda Kelas V Semester 2, laksanakan terlebih dahulu kegiatan dibawah ini!
Ber Do'a

Menyanyikan Lagu Kebangsaan Indonesia Raya.

Selamat Mengerjakan Penilaian Tengah Semester(PTS) Mulok Bahasa Sunda Kelas V Semester 2

Nama Sekolah : SDN ...
Muatan Lokal  : Bahasa Sunda
Kelas/Semester : V (lima)/2 (dua)
Hari/Tanggal : Selasa, 08 Maret 2022
Waktu                  : 90 menit
Nama                  : ............................

I.    Parentah Umum
  1. Tuliskeun idéntitas anjeun dina lembar jawaban anu geus disadiakeun.
  2. Pariksa sareng baca patarosan sateuacan anjeun ngajawabna. 
  3. Jawab patarosan anu anjeun pikir gampang.
  4. Laporkeun ka pengawas upami aya anu teu jelas.
  5. Taroskeun kertas ka pengawas upami diperyogikeun.
  6. Pariksa heula saméméh diserahkeun ka pengawas.
II .     Jawab pananya di handap!
Pikeun soal 1 nepi ka 5, baca téks di handap kalawan taliti!
 
Hasiat Alpuket
 
      Hidep tangtu apal kana buah alpuket. Wangunna lonyod tur warnana héjo. Biasana sok dirujak, dicampuran ku gula beureum.
      Buah alpukeut téh diarah dagingna. Sok diasupkeun kana blénder, dijieun jus. Dicampuran cai gula jeung susu coklat kentel. Ari geus kitu mah, jus alpuket kari regot diinum.
      Loba nu resep kana jus alpuket téh. Jaba ti ngeunah, hargana ogé murah. Buah alpuket matak séhat kana kulit jeung padaharan. Malah sok dipaké lulur awak atawa body lotion. Cenah mah kulit sok jadi lemes. Alpuket ogé bisa dipake kuramas atawa krimbat. Malah bisa nyageurkeun rambut garing nu loba teuing dicét.
      Buah alpuket ogé bisa naékkeun beurat awak, ngubaran anu kacanduan roko. Ku ngadahar buah alpuket, nikotin roko anu geus ngumpul dina jero awak bakal bisa dikaluarkeun.

      Alpuket bubuah taya usumna. Iraha baé, alpuket babari ditéangan boh di pasar tradisional boh di pasar modéren. Lantaran ngandung lemak nabati, alpuket aman didahar ku nu boga “koléstérol tinggi”.
      Alpuket téh asalna ti Amérika Tengah, utamana di daérah Méksiko, Péru jeung Vénézuéla. Alpuket nyebar ka sakuliah dunya nepi ka Asia Tenggara, kaasup Indonésia.
      Alpuket ngandung vitamin A, B, C, jeung É. Alus keur ngalancarkeun jalan getih dina awak urang. Malah bisa nurunkeun résiko struk (stroke) jeung serangan jantung.
Diropéa tina Majalah Manglé, No. 2197
Jawab sakur pertanyaan ieu di handap!
  1. Kumaha carana ngamangpaatkeun buah alpuket téh?...
  2. Bisa dipaké ubar naon buah alpuket téh?...
  3. Vitamin naon anu aya dina buah alpuket?...
  4. Lamun kuramas maké buah alpuket, kumaha carana?...
  5. Ti mana cenah asal-muasalna buah alpuket téh?...
III .    Cakraan (X) abjad A, B, C atawa D dihareupeun jawaban anu bener !
1.       Réa pisan ubar-ubaran tradisional di Tatar Sunda téh. Salah sahijina pucuk daun jambu batu. Pamakéanana pikeun ngubaran ...
A. ubar darah tinggi.
B. ubar kasakit gula.
C. ubar méncrét.
D. ubar batuk.

2.       Kalimah anu bener maké ngaran beubeutian nyaéta...
A. Saripati bangkuang bisa dipaké keur kulit sangkan jadi lemes.
B. Tangkal rambutan téh buahna leubeut pisan.
C. Wewengkon Indramayu téh kawentar buah gincuna.
D. Buah nangka walanda téh mirip jeung buah sirsak.

3.       Lengkepan kalimah dihandap ieu ku kecap nu patali jeung katerangan sipat.
Langlayangan téh mani luhur...
A. nyempring.
B. ngempray.
C. ngagebay.
D. ngawang-ngawang.

4.       Geura pék baca sajak dihandap ieu!.
Éndah alam padésaan
Éstu lain pupulasan
Diriung ku gunung-gunung
Dikuriling pasir-pasir
Kidul, kulon, kalér, wétan
Plung-plong, matak waas téténjoan
Kumaha kaayaan alam padésan téh? 
A. Endah lain pupulasan.
B. Upluk-aplak Ku pasawahaan
C. Leweng hejo kutatangkalan.
D. Taneuhna subur tatanén ma’mur.

5.       Leuweung téh ulah digunasika bisi ruksak.
digunasika artina...
A. dironom.
B. dirawat.
C. diurus.
D. diganggu.

6.       Geura pék baca sajak dihandap ieu!.
Éndah alam padésaan
Éstu lain pupulasan
Diriung ku gunung-gunung
Dikuriling pasir-pasir
Kidul, kulon, kalér, wétan
Plung-plong, matak waas téténjoan
Aya kecap-kecap anu murwakanti atawa sarua sorana saperti...
A. Sasaruaan sora /a/.
B. Sasaruaan sora /i/.
C. Sasaruaan sora /e/.
D. Sasaruaan sora /u/

7.       Pesan nu hayang ditepikeun ku pangarang ka nu macana. Ka asup kana unsur carita...
A. palaku.
B. galur carita.
C. latar.
D. amanat.

8.       Pilih kecap nu geus dirarangkénan barung pang-na tur dipasangkeun kana kalimah nu dicopongkeun.
Déwi téh .... di sakolana.
A. pangsonagarna.
B. pangpunjulna.
C. pangpinterna.
D. pangbageurna.
9.       Di handap aya kalimah anu geus dikosongkeun. Pék lengkepan ku milih kecap nu geus disadiakeun.
Buku téh .... hiji-hiji taya nu kaliwat.
A. maca.
B. dibaca.
C. macaan.
D. dibacaan.
10.     Bulan puasa sok réa barudak ngabuburit.
          ngabuburit hartina...
A. Ulin waktu magrib.
B. Ulah ulin waktu magrib.
C. Ulin keur ngadagoan waktu magrib.
D. Loba anu ulin waktu magrib.

IV.     Jawab pananya di handap!
1. Kecap asal atawa kecap salancar nyaéta...
2. Pék baca sajak di handap!
Candi Cangkuang
 
Kota Garut, kota kuring
Kota Garut, kota Intan
Kota nu pinuh ku kaéndahan
Kota nu subur ma’mur
Kota asri tur kamashur
Di kota éta aya hiji candi
Hiji tanda ti karuhun
Cicirén nagri lastari
Jadi tuduh anak incu
Seuweu-siwi nu mupusti

Ngajegir di pasir leutik
Candi asri tur antik
Candi éstu camperenik
Mungguh hibar ku dangiang
Nelahna candi Cangkuang
Candi warisan luluhur
Ku urang kudu dijaga
Sangkan tetep lastari
Teu ilang ti muka bumi
Candi Cangkuang, candi urang saréréa
Dicutat tina Majalah Manglé, No. 2111.
    Pada kahiji dina sajak diwangun ku sabaraha jajar?...
3. Carita anu mémang ukuranana pondok, jalan caritana henteu loba babagianana, waktu kajadianana henteu lila, sarta jumlah palakuna ogé saeutik, disebutna...
4. Carpon ngabogaan unsur-unsur carita saperti...
5. Kembang lili téh pangdipikaresepna ku Ibu.
    pangdipikaresepna hartina...

Post a Comment for "Soal PTS Kelas 5 Semester 2 Mulok Bahasa Sunda Kurikulum 2013"