Skip to content Skip to sidebar Skip to footer

Soal Dan Jawaban MULOK Bahasa Sunda STS (Sumatif Tengah Semester) Kelas 4 Semester 1 SD/MI


Assalamu'alaikum.Wr.Wb.
        Semoga kita semua dalam lindungan Allah SWT. Amin. Pada kesempatan ini admin akan berbagi informasi pembahasan contoh Soal Dan Jawaban MULOK Bahasa Sunda STS (Sumatif Tengah Semester) Kelas 4 Semester 1 SD/MI. Semoga materi ini bisa menambah wawasan pembaca khususnya bagi Admin. 

Untuk mengetahui informasi terbaru lainnya silahkan KLIK TULISAN BIRU INI.
Nama Sekolah : SD/MI ...................
Muatan Lokal         : Bahasa Sunda
Kelas/Semester : IV (empat)/1 (satu)
Hari/Tanggal : ....................................
Waktu                  : 90 menit
Nama                  : ............................

I.    Parentah Umum

  1. Tuliskeun idéntitas anjeun dina lembar jawaban anu geus disadiakeun.
  2. Pariksa sareng baca patarosan sateuacan anjeun ngajawabna. 
  3. Jawab patarosan anu anjeun pikir gampang.
  4. Laporkeun ka pengawas upami aya anu teu jelas.
  5. Taroskeun kertas ka pengawas upami diperyogikeun.
  6. Pariksa heula saméméh diserahkeun ka pengawas STS

II .  Jawab pananya di handap!

Pikeun soal 1 nepi ka 5, baca téks di handap kalawan taliti!

Biasana pupujian téh dikawihkeun di masjid, saméméh breng ngalaksanakeun solat wajib, atawa saméméh diajar ngaji. Pupujian téh aya anu eusina pépéling atawa ngingetan ka urang pikeun ngalaksanakeun paréntah agama, contona anu dikawihkeun ku babaturan Galih saméméh solat magrib. Ngabéjaan yén geus datang waktu magrib, kudu gancang eureun ulin, terus indit ka masjid. Dina éta pupujian téh aya anu ditepikeun atawa dikomunikasikeun.

Tah sora bedug, batur
tanda geus magrib
geus nitah eureun ulin
ngajak ka masjid
beulah kulon hibar layung
ngajak muji ka Yang Agung

Ari dina pupujian anu dikawihkeun ku Galih sabatur-batur saméméh diajar ngaji mah anu ditepikeunana téh rupa-rupa cai anu sok dipaké wudu. Disebutkeun yén aya tujuh rupa cai anu sah dipaké susuci. Ayeuna hayu urang bandungan pupujian anu eusina riwayat Kangjeng Nabi. Ku Ibu/Bapa Guru dicontoan heula. Geus kitu terus kawihkeun ku salah saurang di hareupeun kelas. Pék bandungan ku anu séjén.

Nabi urang saréréa
Kangjeng Nabi anu mulya
Muhammad jenenganana
Arab Qurés nya bangsana

Ibuna Siti Aminah
ramana Sayid Abdulloh
dibabarkeunna di Mekah
wengi Senén taun Gajah

Ari bilangan taunna
lima ratus cariosna
tujuh puluh panambahna
sareng sahiji punjulna

Medal nabi ahir jaman
pisan-pisan kaanéhan
sesembahan bangsa sétan
kabéh pada arucutan

Diropéa tina Buku Siswa Basa Sunda Kelas IV halaman 4-5

Jawab sakur pertanyaan ieu di handap!
  1. Naon eusi pupujian anu dikawihkeun saméméh solat?
  2. Ari pupujian sanggeusna solat medar ngeunaan naon?
  3. Cai naon waé anu ku urang bisa dipaké susuci téh?
  4. Saha ari jenengan ibu ramana Nabi Muhammad téh?
  5. Taun sabaraha Kangjeng Nabi dibabarkeunana?

III . Cakraan (X) abjad A, B, C atawa D dihareupeun jawaban anu bener !

1. Saréngséna solat, barudak arunggah ka lanté dua, anu pahareuphareup jeung paimbaran.
Paimbaran hartosna ....
A. Tempat ngaos.
B. Tempat imam mingpin solat berjamaah.
C. Tempat musyawarah.
D. Tempat belajar.

2. Rék di mana waé ...., urang kudu hadé ahlak.
A. cicing
B. calik
C. lumpat
D. ulin

3. Di handap aya pupujian anu eusina pépéling.
éling-éling dulur kabéh
ibadah ulah campoléh
beurang peuting ulah weléh
..........................................
Kalimah anu leres kanggo ngalengkepan pupujian diluhur nyaeta....
A. Karasana keur sakarat
B. Nyerina kaliwat-liwat
C. Tara ngalakukeun solat
D. Bisina kaburu paéh

4. Kecap dahar upama dilarapkeun ka kalimah sok robah jadi....
A. Ngadahar
B. Emam
C. Tuang
D. Neda

5. Kecap beuleum sok robah upama dilarapkeun kana kalimah.
Kalimah anu bener dihandap ieu nyaeta....
Hurungkeun heula atuh ari rék opak mah, Cép.
A. Hurungkeun heula atuh ari rék beuleum opak mah.
B. Hurungkeun heula atuh ari rék ngaduruk opak mah.
C. Hurungkeun heula atuh ari rék meulem opak mah.
D. Hurungkeun heula atuh ari rék manggang opak mah.

6. Lamun urang ngadorong mobil sumber énergina tina ....
A. awak urang
B. solar
C. bensin
D. mobil

7. Poster jeung stiker tangtu aya bédana. Anu paling babari ngabédakeunana nyaéta lebah....
A. gambarna.
B. ukuranana.
C. tulisanana.
D. bahanna

8. Di handap aya kalimah anu geus dikosongkeun. Pék lengkepan ku milih kecap anu geus disayagikeun.
Béja yén isukan mimiti puasa _______________ ku pangurus masjid
A. diwawar
B. wawarkeun
C. wawar
D. diwawarkeun

9. Sanggeus murid arasup ka kelas, anu pangheulana dipedar ku Pa Guru téh ngeunaan poster anu cikénéh dibaraca ku barudak.
Kecap dipedar hartina....
A. ditingali.
B. dibaraca.
C. ditepikeun.
D. diterangkeun.

10. Naha ______________ téh mani lada, padahal céngékna ukur dua.
Eusian ku kecap anu geus disayagikeun.
A. éskrim.
B. liwet.
C. rujak.
D. sirop.

C.      Jawablah pertanyaan-pertanyaan dibawah ini.

1.       Disebutkeun yén aya tujuh rupa cai anu sah dipaké susuci.
Kecap sah hartina.... 
2.       Tajil téh ukur nginum cai hérang gé teu nanaon.
nginum asal kecapna....
3.       Tarajé anu keur ditaékan téh _____________________, untung teu luhur labuhna.
Kalimah anu geus dikosongkeun teh di isi ku kecap sorodot
Mung kecap sorodot robah janten .....
4.       Eusian kalimah di handap ku kecap....
Anu rék miluan gerak jalan geus __________________ di hareupeun kantor kacamatan.
5.       Naon bae ngaran kadaharan anu ngasakanana dibeuleum langsung dina areng.... 

         Semoga bermanfaat dan jika berkenan silahkan di SHARE kepada siswa-siswi untuk belajar. Untuk Bp/Ibu Guru dan orang tua siswa sebagai pendampingan pada siswa siswi dalam membahas soal Admin telah siapkan PEMBAHASAN SOAL STS MULOK BAHASA SUNDA KELAS 4 SEMESTER 1 KLIK TULISAN BIRU INI. Terima kasih.
Wassalamu'alaikum.Wr.Wb. 

>>>SELAMAT MENGERJAKAN<<<

Post a Comment for "Soal Dan Jawaban MULOK Bahasa Sunda STS (Sumatif Tengah Semester) Kelas 4 Semester 1 SD/MI"