Skip to content Skip to sidebar Skip to footer

STS Mulok Bahasa Sunda Kelas 4 Semester 2 (Soal dan Jawaban Sumatif Tengah Semester - STS)


Sumatif Tengah Semester (STS)

Nama Sekolah : ..............................
Mata Pelajaran : Bahasa Sunda
Kelas        : IV (empat)
Semester : 2 (dua)
Waktu       : 90 menit
Hari,Tanggal: Selasa, 07 Maret 2023
Nama       : ..............................

I.    Petunjuk Umum.

  • Berdo’alah sebelum mengerjakan!
  • Isi identitas kamu pada lembar soal menggunakan pena.
  • Jagalah lembar soal agar tidak rusak, sobek, ataupun terlipat.
  • Jumlah soal sebanyak 35 butir dengan 20 (dua puluh) pilihan ganda, 10 (sepuluh) isian dan 5 (Lima) uraian.
  • Periksa dan bacalah setiap butir soal dengan seksama sebelum kamu menjawabnya.
  • Laporkan kepada pengawas bila ada yang kurang jelas.
  • Pilih jawaban yang kamu anggap paling benar.
  • Periksa kembali pekerjaan kamu sebelum diserahkan kepada pengawas.
  • Lembar soal tidak boleh dicoret-coret.
  • Apabila ada jawaban yang dianggap salah pada soal pilihan ganda maka berilah tanda sama dengan (=), kemudian berilah tanda silang (X) pada jawaban lain yang kamu anggap benar.
  • Apabila ada jawaban yang dianggap salah pada soal isian/uraian maka berilah tanda garis (---), kemudian tulis jawaban lain yang kamu anggap benar.

II.     Petunjuk Khusus

A.      Jawab pananya di handap!.

Baca kawih di handap kalawan taliti.

TANAH SUNDA
Karya: Mang Koko

Tanah Sunda gemah ripah
nu ngumbara suka betah
urang sunda sawawa
sing towéksa percéka
nyangga dharma anu nyata.
Seuweu Pajajaran
muga tong kasmaran
sing tulatén jeung rumaksa
miara pakaya mémang sawajibna
getén titén rumawat tanah pusaka.
Titén kana harta banda
mo kaduhung waktu jaga
anu lian moal bisa
ngatur ngolah jeung ngariksa.
Gembleng sauyunan
singkil babarengan
ngangkat darajat ki sunda
sunda kukuh kuat diraksa dirumat
pasti jembar wibawa Indonésia.

Salajengna, jawab pananya 1 nepi ka 5 dumasar kana kawih.
1. Sabaraha jumlah engang dina unggal jajaran jeung kumaha sora tungtungna?
2. Kumaha kaayaan Tanah Sunda téh?
3. Kudu kumaha urang Sunda ka Tanah Sunda téh?
4. Mawa pancén naon urang Sunda téh?
5. Kudu muji sukur ka saha urang boga Tanah Sunda?

A.      Cakra (X) aksara A, B, C, atawa D minangka jawaban nu bener.

1.       Urang kudu towéksa ka Tanah Sunda. Toweksa hartina...
A. kerta raharja
B. tulatén
C. pinter ngatur sagala urusan
D. getén

2.       Sangkan tetep beresih, urang kudu .... lingkungan.
A. miara
B. rumaksa
C. rumawat 
D. titén

3.       Lamun baris di buruan waktu upacara, ketua murid kudu ngatur barisan. Ngatur hartina....
A. ngokolakeun
B. ngarawat, miara
C. ngurus
D. ngolah, mémérés 

4.       Ditilik tina sajarahna, sajarah kawih bisa dibagi jadi tilu jaman atawa waktu, nyaeta...
A. rumpaka kawih, Kawih tradisional, Kawih wanda anyar.
B. rumpaka kawih, Kawih kawih kiwari, Kawih wanda anyar.
C. Kawih buhun, Kawih Jaman Jepang, Kawih wanda anyar.
D. rumpaka kawih, Kawih Jaman Jepang, Kawih wanda anyar. 

5.       Sajak nu sok dikawihkeun mah disebutna....
A. rumpaka
B. kawih
C. rumpaka kawih
D. puisi
 
6.       Basa jeung budaya Sunda kudu diraksa sangkan tetep hirup. diraksa hartina ....
A. dirawat, dipiara, diurus
B. ngamumulé, ngurus
C. akur tur babarengan
D. sayaga, taki-taki

7.       Sunda bakal kukuh mun diraksa jeung diruat ku urang. 
Kukuh hartina...
A. ngamumulé, ngurus
B. akur tur babarengan
C. dirawat, dipiara, diurus
D. pageuh atawa kuat nyekel tangtungan.

8.      Kagiatan ngahaleuangkeun atawa ngagalindengkeun kawih disebutna....
A. ngawih
B. rumpaka
C. kawih
D. sajak

9.       Lengkepan kalimah di handap!
Bapa angkat ka sakola kana motor
Abdi .... ka sakola kana sapédah.
A. mulih
B. mios
C. wangsul
D. dongkap

10.     Bapa sareng mamah mah parantos kulem. Abdi sareng aa teu acan ...
A. mondok
B. pondok
C. obo
D. sare

11.     Ari dina badminton mah, kok téh ditepak ku....
A. bét
B. wasit
C. rékét
D. nét

12.     Bal téh .... lantaran keuna kana leungeun Erlangga.
A. finalti.
B. kornal.
C. opsét
D. hén

13.    Bandung Bandung nelah Kota...
A. bersih
B. kembang
C. subur
D. endah

14.     Naon sababna kleup méngbal sok disebut kasawelasan?...
A. sakleupna aya 10 pamen bola
B. sakleupna aya 11 pamen bola
C. sakleupnaaya 12 pamen bola
D. sakleupna aya 13 pamen bola

15.     Hirup jeung tatangga kudu .... ulah sok papaséaan.
A. sauyunan
B. ngatur 
C. ngolah
D. ngariksa

16.     Lengkepan kalimah di handap!
Bapa angkat ka sakola kana motor
Abdi ... ka sakola kana sapédah.
A. angkat
B. naek 
C. numpak
D. mios

17.     Lengkepan kalimah di handap!
Mang Dédi ngagaleuh kulkas ti toko.
Abdi ... laptop ti BEC.
A. meuli
B. beli 
C. mésér
D. nambut

18.     Ari Bandung téh puseur dayeuh provinsi mana?....
A. Banten
B. Jawa Barat 
C. Jawa Tengah
D. Jawa Timur

19.     Bandung sok disebut Parijs van Java. Naon maksudna?....
A. Kota Paris nu aya di Bandung
B. Kota Paris nu aya di Jawa
C. Kota Paris Ibukota Bandung
D. Kota Paris nu aya di Indonesia

20.      Lengkepan kalimah di handap!
Mamah nyarios ka bapa énjing-énjing.
Abdi nyanggem ka aa perkara tugas.
A. ngobrol
B. nyarita
C. nyarios
D. nyanggem

B.    Lengkepan kalimah di handap kalawan bener

21.   Jajang .... sabab lumpat miheulaan bal ka tukangeun bék lawan.
22.   Sépakan .... ti juru lapangan melentung kana gawang.
23.   Maman nyépak .... kana gawang nepi ka asupna.
24.   Ku sabab geus 45 menit,.... niup piriwitna.
25..  Ari .... mah dipakéna dina olahraga pingpong.

C.    Pigawé pancén di handap

Ayeuna caritakeun cita-cita hidep. Carana mah gampang. Tuliskeun heula bagian-bagian ieu di handap luyu jeung harepan hidep.
1. Sebutkeun heula ngaran hidep, ngaran indung bapa, jeung dulur hidep. Caritakeun ogé di mana hidep cicing.
2. Caritakeun naon cita-cita hidep.
3. Sebutkeun pangna hidep boga cita-cita kitu.
4. Jelaskeun koméntar kolot hidep kana cita-cita hidep.
5. Caritakeun pagawéan batur anu narik ati hidep

- SELAMAT MENGERJAKAN-

Sumber Materi .
Buku Siswa dan Guru Kelas IV Kurikulum Merdeka.

Post a Comment for "STS Mulok Bahasa Sunda Kelas 4 Semester 2 (Soal dan Jawaban Sumatif Tengah Semester - STS)"